Top post

Maju sejauh mungkin dan tetap melangkah menggunakan kaki dengan bergantian

Kamis, 10 Maret 2016

Eraeun

Basa waktos tipayun, abdi angkat sakola sareng réréncangan anu namina Opik. Kinten-kinten waktos harita téh dinten salasa tabuh 6.30 énjing.
Pas nuju papah, réréncangan ngajak ngobrol ka abdi bari papahna ninggal ka pengker. Saatos lami ngobrol, abdi nyarios ka réréncangan.
"Jago Pik, euy. Bisa ngobrol bari melong ka tukang !!"
Anjeuna ngawaler,
"Nya atuh da urang mah geus apal anu aya dihareupeun. Da urang mah tukang ramal." Walerna téh. Teu lami tidinya abdi nyarios deui ka réréncangan.
"Pik, kade tong melong ka tukang waé, hariwang !!"
"Ah, moal nanaon da." Waler anjeuna.

Réréncangan abdi teu terangeun yén dipayuneun téh aya tukang baso tahu anu nuju ngaladangan numésér. Teu lami réréncangan abdi ngalieuk ka payun. Kusabab teu terangeun aya tukang baso, pas anjeuna ngalieuk, mastakana tijedug kana suhunan éta roda.

Tukang dagang sareng anu mésér na ogé dugi ka rareuwaseun. Kumargi tidagorna lumayan tarik. Saur tukang baso mah, manawi téh motor anu nabrak

Saparantosna kitu, sajajalan angkat sakola téh bari seuseurian. Da teu kiat kajantenan anu tadi teu kapalang lucuna. Ogé nambih lucu niggal raray réréncangan abdi anu beureum sareng nahan kaisin. Saking énak seuri, abdi dugi ka teu émut ninggal tincakeun, malahan mah tibelesek kana lobang galian. Hihihi.

Teu karaos abdi tos dugi ka sakola. Kinten-kinten tabuh 7 kirang 15 menit. Abdi teu langsung ka kelas, tapi jajan heula ka mang Endang, da abdi teu sarapan heula tibumi.
Pas abdi kaluar ti kantin, aya murangkalih kelas 8 anu ujug-ujug nangkeup ka abdi. Abdi teu nyarios nanaon, diantep we ku abdi téh. Teras anjeuna nyarios.
"Maneh meni lila jajan téh !!"
Ku abdi diwaler.
"Da loba anu jajanna."

Pas nuju papah, réréncanganna ngageroan, teras éta budak téh langsung melong ka abdi. Duka kunaon éta budak téh jol lumpat teu pararuguh. Ciganamah isineun panginten, da salah jalmi. Teu kamana-mana deui abdi gé, teras ka kelas bari seuseurian nyalira ciga nugélo.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar